Warnana barodasKahandapna warna biru
Pinuh tur nyedek kana saku supir
Leungeunna teu weleh haramin,
tapi di luhurna aya android nu dipelongan tiap waktu.
Sakapeung melong jalan da sieun kaliwat
Sakapeung melong android da meureun bisi aya masage ti yayang embeb,
atawa bisi aya sms ti Ema jeung Apa nitah gancang balik da geus sareupna nu antukna arep-arepeun.
Atuh ari kuring, nya biasa we nyutat kahirupan maranehna na angkot.
Em, meni resep kahirupan dina angkot. Jempling teh, tapi aya eta ge nu gugurudugan. Tapi, lantaran jempling di jerona, sora ngagurudug ge meni endah kadengena.
Has pisan lah...
Enya, tadi isuk-isuk sabot indit ka sakola tuluy naek angkot Samarang.
Supir angkot ngaharegung semu samutut jiga tutut nu keur udud:
"lingas ayeuna mah penumpang teh. Baheula mah angkot teh diudag-udag jeung ditutungguan, ayeuna mah muatan diudag jeung ditungguan ku angkot. Jaman memang geus muter. Keur kitu teh torojol cenah beurit bodas nambahan angkot, atuh beuki pinuh ku angin si para angkot teh. Hah... pindah kitu ieu pakasaban teh?" Bari melongan sugan aya muatan lebah gang itu.
Samarang, 2017
Oleh : Yofy Fauzy
0 Response to "Sajak Angkot"
Post a Comment